Bismillah...

Sakempelan Carita Bodor Sunda Riungan nu Burung, Informasi tur Budaya Sunda.... Nyanggakeun Sa aya-aya...!!! :D
Ulah Hilap Gabung di Facebook Riungan nu Burung
by: Elang.

Trik Sedot Pulsa Via Handphone (kiriman Babah Hikmah Setiakawin)

babah
Trik Sedot Pulsa batur saupami nelepon/di telepon ku Urang, kieu saur Babah mah :
Aya Bocoran, Kita bisa mengambil PULSA orang(dari semua Operator)

Caranya: Pada saat Kita sedang ditelpon seseorang pas di tengah-tengah pembicaraan tekan *10.000#, maka secara otomatis Pulsa Kita bertambah 10.000 (menyedot pulsa orang yang ditelpon tadi), tapi kalau tekan *5000# berarti Pulsa Kita bertambah 5000.
Cara sedot Pulsa ini dikasih tahu oleh teman yang bekerja di sebuah Server Operator,
Ssttt.....Tapi... Jangan beri tahu ke siapa2 yah
cukup kita aja yang dibohongin...
Mugia manfaat :r :r

Donor Darah

abah oi
sapasang Jajaka jeung Wanoja, geus 3 taun bobogohan......hiji waktu eta jajaka ngadonorkeun getihna ka kabogohna,....
Satadinamah boga itikad nulung kanu butuh nalang kanu susah.....

Tapi ari takdir lain jieunan manusa.....kacaritakeun eta pasangan teh bubar (putus tea ngarana).. :(
Teu kungsi lila eta jajaka nagih getih anu basa harita didonorkeun ka kabogohna.....

Teu antaparah eta awèwè mukakeun anderok bari morosotkeun calanana, kusiwel nyokot soptek (pembalut tea ngarana) tuluy di alungkeun bari ngomong ''Tah ku Aing di bayar, di cicil tiap bulan.... :r

Gejara Gira Arias Gèro (lain bacaeun nu cadèl)



Perhatian: Lain Bacaeun Nu Cadèl


Kakara ogè kuring meureumkeun panon rèk ngareureuhkeun capè bari sasarèan dina korsi ukir di kamar hareup, di para kareungeu sora brag-brig-brug garadag-gurudug. :f
Kuring ngarènjag asa digebrag. Awak ngeleper, angen ngeleter ngageleter.
Di para kareungeu sora beurit ciciricitan bari gugurubugan abrug-abrugan pasawur jeung sora ucing ngagerem ngaharegem. :r
Sihorèng nu ribut brag-brig-brug di para tèh sora ucing piaraan kuring, Si Candramawat moro beurit dirontok terus dikerekeb. Sanggeusna beuritna jadi parab si Candramawat mah teu sakara-kara rèpèh sora nu tadi ngareureuwas tèh. :@
Kuring meureumkeun deui panon rèk sarè sing tibra sing nepi ka kèrèk nyegrèk.
Naha atuh ari korèjat tèh kuring ngorèjat tububuranjat kagareuwahkeun ku nu keur patarik-tarik sora di pipir siga aya barang nu diparebutkeun, ngan duka naon nu diparebutkeunana da teu kaciri.
Panon kuring rucang-riceng sèrab kasorot nyebrot norobos tina hordèng sutra warna krèm ngora. :o
Na karah tabuh sabaraha ieu?? Rarasaan asa geus burit geus reupreupan tèrèh magrib sihorèng kabawa riwan teu pararuguh. Tah geningan durduran bedug asar. Panasaran kuring nyingraykeun hordeng.
Ari brèh tèh di pipir si kembar Rahman jeung Rahim suan kuring, keur pahereng-hereng patorong-torong parebut gitar. Tara-tara ti sasari si kembar daratang pasosorè da sasarina mah pabeubeurang ngadon jarajan di warung nu dibayarna ku kuring. :@
Karasèp karasèpna mah si kembar Rahman jeung Rahim tèh ceuk sarèrèa ogè ngan èdas bangor jeung badeurna bèak karep. Ceuk nu nyararita nu kembar mah sok akur. Ari ieu boro-boro akur, ti barang bray beurang nepi ka reup peuting angger teu eureun-eureun dur-der parasèa parebut itu parebut ieu. :k
Ngan ka Kuring narurut na si kembar tèh da ka kuring mah rèk kitu rèk kieu tara dicarèk tara digeureuh-geureuh. Bangor jeung badeur mah nya wajar bae kangaranan barudak sok norèk teu beunang di carèk.
Nu keur diparebutkeun ku si kembar tèh Gitar kuring meunang nukeuran ti babaturan kuring urang Bogor batur sa asrama basa aya panataran Basa Inggris di Jakarta. Ditukeurannana ku kamèra paranti motrèt nu geus rada ruksak ragrag dina karèta. :O
Ti ngongora kuring resep ngagitar tapi tara bari ngahariring da rumasa boga kakurang anu teu sarua jeung batur. Barèto kuring ngahaja guguru ka gitaris tènar.
Sihorèng diajar ngagitar tèh geuning teu sabongbrong sambarangan. :( Nempokeun batur mah siga babari. Siga teu pira ari prak dipraktèkkeun bet hararèsè. Ngarah tèrèh pinter diajar ngagitar kudu bener-bener sabar. :x
Sanggeus kuring pinter ngagitar teu karasa hèsèna mirig nu ngahariring atawa nu tembang dina rupa-rupa wirahma. Wirahma Rock, Rap, Reggae, Alternatif nepi ka Wirahma keroncong karesep nu geus aya umur siga kuring.
Ras bareto mangsa keur ngora keur meumeujeuh na rumaja putra kuring sok siaran di RRI Bandung jaman Baskara jadi penyiar kawèntar. Sora, gaya jeung cara Baskara jadi penyiar, pembawa acara atawa Master of Ceremony pada narurutan tapi boro-boro katurutan atawa nyaruaan rèrèana mah teu ngaharib-harib acan.
Harita kuring sok siaran di RRI Bandung tèh carita na mah jadi anggota atawa pamaèn orkes keroncong 'Sinar Purnama' anu keur ukuran jaman harita mah kasebut sohor mindeng ditanggap di nu kariaan. Kuring anu ngagitar biasana gitar pengiring.
Kiwari orkes keroncong 'Sinar Purnama' geus bubar ngan kari ngaran. Para pamaènna paburencay kabawa ku kadar awak jeung takdir diri masing-masing. Urut pamaèn Orkès keroncong 'Sinar Purnama' aya anu jadi Direktur, aya anu jadi insinyur, aya nu jadi tentara kungsi bertempur di Timor Timur, aya nu nganggur saumur-umur. Ari kuring pareng jadi tukang udar-ador aprak-aprakan ngadon ngumbara ka sababaraha nagara. Sok rajeun èta ogè ngayakeun rèuni ngariung bari sarura seuri nanggap carita bihari mangsa babarengan siaran di RRI Bandung. Teu kurang-kurang nu Rambisak cipanon ras-rus wararaas nyawang tapak nu geus kasorang.
Haarrr...Naha ieu tèh bet teu karuh-karuh ngacapruk ngacaprak nyaritakeun orkes keroncong asa teu pararuguh teu nyararambung jeung jejer nu keur digarap. Ari si kembar Rahman jeung Rahim nu tadi parebut gitar kamarana teu kareungeu sorana??
Bari sirah asa rieut enyur-enyuran kuring gura-giru ka dapur da tadi kareungeu di dapur sora aya nu brong-brang brang-breng-brong. Ari brèh tèh di dapur, paparabotan saperti èmbèr, rantang, tèrmos, piring, cangkir ngabarak paburantak. Runtah ambarayah bru di juru bro di panto. Rèmèh uprat-aprèt awur-awuran. Kurupuk, gorèngan teri jeung sangu keur engkè kuring dahar mani ambrin teu dikarikeun. :t
Jigana si Kembar ngubrak-ngabrik dapur nèangan dahareun. Geus sareubeuh dahar bingbrit arindit. Pantesna tèh rurusuhan purat-pèrot tipaparètot sarieuneun ku kuring dikèpret. Kèprèt kuring tèa matak ngajèrèwèt bari prat-prèt-prot brat-brèt-brot.
Ari Gitar Kuring Mana??
Ari rèt karèrèt, ya Robbiii, gitar kuring bujrad-bajrèd senarna paregat purekna paburisat..
Nènjo gitar kameumeut ruksak pasiksak taya pupurieunana kuring bati rènghap ranjug. Jajantung ngaguruh sada-sada curug tujuh. Tètènjoan asa ranyay tingburicak tingburinyay. Awak rampohpoy asa muter asa muntir. Rumpuyuk kuring ngarumpuyuk. Mèmèh ngudupruk tarang kuring tidagor kana juru mèja marmer. Puguh baè buncunur hamo tèrèh cageur diubaran ku bèas cikur.

Nepi ka ieu carita dibaraca kuring can bener-bener sadar da ti barang kuring ngudupruk ngarumpuyuk di dapur tèh kuring terus dirawat di rumah sakit di rohangan gawat darurat.
Ceuk dokter anu mariksa cenah kuring kaserang stress berat, stroke, darah tinggi, asam urat jeung nurutkeun pamariksaan dina komputer siga-siga aya Gejara Gira.
Gejara Gira??

Hampura kanu maraca, rètah kuring rèro bawa ti kudrat siga retah urang jepang. Nyebut koresteror teu bisa sipaksakeun keukeuh koresteror. Rètah kuring sabarikna ti rètah anu cadèr.
Marukan teu rieur??
Ceuk dokter dina diri aya Gejara Gira arias Gèro kagègèroan ku gitar. Duh, gitar pireureuyan. Gara-gara diparebutkeun ku si kembar Rahman jeung Rahim gitar kuring ruksak amburadur moar kapuruk.
Beuteung kuring karasa kukurubukan geus rapar hayang dahar. Hayang dahar jeung sangu timber, gorèng mujaèr, gorèng rauk emas jeung semur jèngkor. Rarabna buah reunca, engkor ngora, kurub pentir waruh jeung saradah bokor dicoèrkeun kana samber tarasi anu rada. Daharna bari burigir, kèsang ngoprot ruat-rèèt, ungsrak-ingsreuk teu karasa rèho ngucur.
Mun rèk besuk ngarongok kuring di rumah sakit urah poho mawa reupeut jeung gorèngan.
Mun nyampak kuring keur seuseurian atawa ceuceureuweungan sorangan urah kagèt urah hèran rantaran Gejara Gira arias Gèro geus mimiti karasa nyararia.
Teu percaya? Rarawora, ditampiring gera..
. :O :D :O :D


Dicandak tina Majalah Manglè No.1816
Carpon Lucu: Dedy Windyagiri
Carita sanèsna aya di WWW.KOCeAcK.BLOGSPOT.COM
Facebook @Riungan nu Burung (v2)


Mi'un Latihan Balap Kuda


RnB
Isuk-isuk ki Ihan geus maturan Mi'un latihan berkuda,ma'lum juragan muda Mi'un teh joki,tukang balap kuda pacuan.
Di satengahing latihan,eta kuda Mi'un mugen teu daek maju-maju acan. Mi'un bingung,tara ti sasari ieu kuda mogok. turun dina kuda, pek ngahuleng balueng.
''gan,ulah bingung atuh ari kuda teu daek lumpat mah..'' ceuk ki Ihan bari nyampeurkeun dununganna nu keur ngalamun.
''kudu kumaha atuh ki?? da di pecut tarik oge kalakah ngajedog wae..'' ceuk mi'un semu pegat harepan.
''dagoan sakeudeung'' ceuk ki Ihan bari ngaleos ka dapur.
Teu kungsi lila ki Ihan balik deui bari
ngasongkeun coet eusi rendos cengek ka Mi'un.
Mi'un : ''naon ieu ki ?''
ki Ihan: ''rendos cengek, taplokeun we kana bujur kuda na, moal teu ngabret tah kuda na..!!''
gerewek Mi'un gancang nyokot rendos
cengek,tuluy ditaplokeun kana bujur kuda na..
Enya we eta kuda teh ngabret sakalumpat-lampet. Ari si Mi'un ukur
molohok bari ngembang kadu.
Mi'un : '' na kumaha ari aing?''
ki Ihan :'' beu,kuduna naek heula, nembe ditaplokan...''
mi'un teu eleh geleng, nempo na leungeuna aya keneh sesa rendos
cengek, plok wae eta rendos cengek
ditaplokeun kana bujurna. Atuh deregdeg Mi'un oge ngabret nyusul kuda na, Mi'un lumpat tarik alah batan pelor...
:O
*teras na mah duka kumaha, da bade di-udag oge, tos tebih..tarik pisan ngabelesat na*
nu burung
:D :O :D

[ Bendera Konèng ] Selamat Jalan kang Ebonk ....

Dinten ieu Riungan Urang nuju berkabung, Sobat simkuring nu nyobat di Dunia Maya, dugi nyobat di alam nyata. Kang Ebonk Namina, dina Enjing-ènjing tadi parantos ngantunkeun urang sadaya..
Innalillahi wainna ilaihi rooji'uun... Anjeunna parantos mulih ka Rohmatulloh, mugia aya dina panampian Alloh SWT. Ditampi iman sinareng Islam na, dihapunten samudaya kalepatanna.
Selamat Jalan Sobat,,,

Bandèra Konèng nanceb di Riungan nu burung,
myfriend


Hapunten, simkuring teu tiasa seueur saur...
Neda pidu'a na ti baraya Riungan nu Burung sadayana, mugia wargi urang ieu, sing kalebet Husnul Khotimah sinareng aya dina panampian Alloh Ta'ala,....
Amiin.....


Kreatifitas Pulisi Urang[Video Lipsync Polisi Gorontalo ]

Keur ramè video Polisi ti Gorontalo anu Lipsync lagu india ti Shahrukh Khan. Video nu durasi na kanu 6 menit langkung ieu mawa terkenal kanggo Pa Pulisi Briptu Norman Kamaru, anu tugas na ti Gorontalo. :z
Loba tanggapan kanu video ieu, aya kabar cenah rèk di bèrè sanksi Pa Norman tèh,, tapi kuring mah teu satuju..!! :p justru lamun bisa mah Kabèh Pulisi di Urang kudu barisa nyanyi india jeung gaya jogèd na ogè kudu barisa... Ayakeun pelatihan Husus tah keur nyanyi jeung jogèd ala India mah.. Penting.. :k
Sok tinggali film india... Sanajan Pulisi datang na paneuri, da puguh nyanyi heula, :O tapi ahirna Penjahat na pan beunang, malahan mah sok Paraèh... Coba di urang kitu.. Meureun moal aya Kasus anu ngagantung, pan di urang mah lain Penjahat na anu Leungit... Cenah kalakah Berkas Kasus na nu Leungit.. :O
Geus lah.. Poko na mah Maju Terus Pulisi Indonesia... Tunjukan Kretifitas mu...!!! :) dari pada galak ka Rakyat jeung mihak ka nu Beunghar najan salah.. Mending Nyanyi waè lah... Nu penting Tugas nagara teu di Tinggalkeun... !!
Mun aya nu apal mah Ajak gabung Pa Norman tèh Ngariung jeung Nu Burung... :O :O
Yu,, ah... èk lalajo deui,, video na.. Da teu bosen-bosen uingah.. :O
polisi 3gp

polisi gorontalo
Anu teu acan gaduh video na , bilih hoyong,,, mangga...Download

Update Facebook Gratis Dari TRI

rnb

Caritana teu kahaja uing panggih jeung si kumis tukang baso ari rodana aya jelemana duka kamana... ari sihoreng si kumis keur anteng ngoprek hp di juru pos ronda bari cungar cengir sorangan... tuluy ku kuring di tanya:
"keur naon mis ilaing cungar cengir sorangan siga nu gelo anyar"
"ieu nuju update status"
"beu,aya ku hade hade wae tukang baso bisa fesbukan oge"
"atuh puguh weh atuh sok sanajan dagang baso ge ulah tinggaleun teuing weh"..."pan ceuk pa mario teguh ge elmu mah da teu meli jeung teu ningali fropesi nu penting mampu"
"aya ku hade hade wae ilaing mah"..."emang aya mangfaatna dagang baso bari mesbuk ??"
"atuh puguh weh aya mun heunteu mah nanaonan uing mesbuk"..."pan saur pa mario teguh ge dalam berbisnis kita harus bisa melihat apa yg lagi ngetrend sekarang ini"..."matakna uing ge nurutan weh mesbuk nu ayeuna keur rame"
"naon hubunganna antara dagang jeung mesbuk???"
"atuh nya aya apan uing nga-update statusna ge mromosikeun dagangan uing"..."tah pan gara gara mesbuk baso uing neupi ka ngetop di dunia maya"..."neupikeun ka aya nu meuli jauh jauh di Jogja kadieu neang uing pedah manehna teh sok ngomentaran uing"..."ayeuna ge uing keur ngapdate status"
"ngapdate naon kitu bieu tèh ?? uing jadi panasaran"
"Bieu uing ngapdate status "BASO SI KUMIS BELI 2 MANGKOK GRATIS KUAHNA"

''ah,naon eta mah lain ge promosi maenya gratis teh ukur kuahna"
"eh tong salah justru loba nu panasaran"..."tuh geus aya nu komen mangkaning urang jauh hungkul neupi keun nu di Arab ge ngomenan uing bakating ku panasaran''

"kè... kè...kè...gening hp ilaing mah hpna hp jadul naha bisa fesbukan???" :c

"Apan pakè TRI " :)
" :k oh,ameh gratis internetan semaumu tea nya??"..." èmang bisa hapè nu kitu di pake mesbuk ???"
"make teu bisa sagala tinggal nga sms ka si LasTRI "
"Naon maksudna make mamawa si lastri ??"
"Dasar weureu ilaing mah hèsè ngartina"..."pan ilaing gè nyaho lamun hp uing teh jadul"..."matakna uing mènta tulung mun update status nga sms ka si lastri nu jaga warnet"..."tah ke mun uing liwat ka warnet si lastri ku uing di bere baso samangkok jang buruhna"
"Dasar kamprèt jadi TRI teh si lastri...??"
"nya heueuh"..."INTERNETAN PAKE TRI MAU MAU"...???
:D :D :D :D

Pangacaprukan

#naek? I orange fress script kang bagas96 copyright 2011
Mobile Template 4 blogger.com