Bismillah...

Sakempelan Carita Bodor Sunda Riungan nu Burung, Informasi tur Budaya Sunda.... Nyanggakeun Sa aya-aya...!!! :D
Ulah Hilap Gabung di Facebook Riungan nu Burung
by: Elang.

Gejara Gira Arias Gèro (lain bacaeun nu cadèl)

30 Juni 2011


Perhatian: Lain Bacaeun Nu Cadèl


Kakara ogè kuring meureumkeun panon rèk ngareureuhkeun capè bari sasarèan dina korsi ukir di kamar hareup, di para kareungeu sora brag-brig-brug garadag-gurudug. :f
Kuring ngarènjag asa digebrag. Awak ngeleper, angen ngeleter ngageleter.
Di para kareungeu sora beurit ciciricitan bari gugurubugan abrug-abrugan pasawur jeung sora ucing ngagerem ngaharegem. :r
Sihorèng nu ribut brag-brig-brug di para tèh sora ucing piaraan kuring, Si Candramawat moro beurit dirontok terus dikerekeb. Sanggeusna beuritna jadi parab si Candramawat mah teu sakara-kara rèpèh sora nu tadi ngareureuwas tèh. :@
Kuring meureumkeun deui panon rèk sarè sing tibra sing nepi ka kèrèk nyegrèk.
Naha atuh ari korèjat tèh kuring ngorèjat tububuranjat kagareuwahkeun ku nu keur patarik-tarik sora di pipir siga aya barang nu diparebutkeun, ngan duka naon nu diparebutkeunana da teu kaciri.
Panon kuring rucang-riceng sèrab kasorot nyebrot norobos tina hordèng sutra warna krèm ngora. :o
Na karah tabuh sabaraha ieu?? Rarasaan asa geus burit geus reupreupan tèrèh magrib sihorèng kabawa riwan teu pararuguh. Tah geningan durduran bedug asar. Panasaran kuring nyingraykeun hordeng.
Ari brèh tèh di pipir si kembar Rahman jeung Rahim suan kuring, keur pahereng-hereng patorong-torong parebut gitar. Tara-tara ti sasari si kembar daratang pasosorè da sasarina mah pabeubeurang ngadon jarajan di warung nu dibayarna ku kuring. :@
Karasèp karasèpna mah si kembar Rahman jeung Rahim tèh ceuk sarèrèa ogè ngan èdas bangor jeung badeurna bèak karep. Ceuk nu nyararita nu kembar mah sok akur. Ari ieu boro-boro akur, ti barang bray beurang nepi ka reup peuting angger teu eureun-eureun dur-der parasèa parebut itu parebut ieu. :k
Ngan ka Kuring narurut na si kembar tèh da ka kuring mah rèk kitu rèk kieu tara dicarèk tara digeureuh-geureuh. Bangor jeung badeur mah nya wajar bae kangaranan barudak sok norèk teu beunang di carèk.
Nu keur diparebutkeun ku si kembar tèh Gitar kuring meunang nukeuran ti babaturan kuring urang Bogor batur sa asrama basa aya panataran Basa Inggris di Jakarta. Ditukeurannana ku kamèra paranti motrèt nu geus rada ruksak ragrag dina karèta. :O
Ti ngongora kuring resep ngagitar tapi tara bari ngahariring da rumasa boga kakurang anu teu sarua jeung batur. Barèto kuring ngahaja guguru ka gitaris tènar.
Sihorèng diajar ngagitar tèh geuning teu sabongbrong sambarangan. :( Nempokeun batur mah siga babari. Siga teu pira ari prak dipraktèkkeun bet hararèsè. Ngarah tèrèh pinter diajar ngagitar kudu bener-bener sabar. :x
Sanggeus kuring pinter ngagitar teu karasa hèsèna mirig nu ngahariring atawa nu tembang dina rupa-rupa wirahma. Wirahma Rock, Rap, Reggae, Alternatif nepi ka Wirahma keroncong karesep nu geus aya umur siga kuring.
Ras bareto mangsa keur ngora keur meumeujeuh na rumaja putra kuring sok siaran di RRI Bandung jaman Baskara jadi penyiar kawèntar. Sora, gaya jeung cara Baskara jadi penyiar, pembawa acara atawa Master of Ceremony pada narurutan tapi boro-boro katurutan atawa nyaruaan rèrèana mah teu ngaharib-harib acan.
Harita kuring sok siaran di RRI Bandung tèh carita na mah jadi anggota atawa pamaèn orkes keroncong 'Sinar Purnama' anu keur ukuran jaman harita mah kasebut sohor mindeng ditanggap di nu kariaan. Kuring anu ngagitar biasana gitar pengiring.
Kiwari orkes keroncong 'Sinar Purnama' geus bubar ngan kari ngaran. Para pamaènna paburencay kabawa ku kadar awak jeung takdir diri masing-masing. Urut pamaèn Orkès keroncong 'Sinar Purnama' aya anu jadi Direktur, aya anu jadi insinyur, aya nu jadi tentara kungsi bertempur di Timor Timur, aya nu nganggur saumur-umur. Ari kuring pareng jadi tukang udar-ador aprak-aprakan ngadon ngumbara ka sababaraha nagara. Sok rajeun èta ogè ngayakeun rèuni ngariung bari sarura seuri nanggap carita bihari mangsa babarengan siaran di RRI Bandung. Teu kurang-kurang nu Rambisak cipanon ras-rus wararaas nyawang tapak nu geus kasorang.
Haarrr...Naha ieu tèh bet teu karuh-karuh ngacapruk ngacaprak nyaritakeun orkes keroncong asa teu pararuguh teu nyararambung jeung jejer nu keur digarap. Ari si kembar Rahman jeung Rahim nu tadi parebut gitar kamarana teu kareungeu sorana??
Bari sirah asa rieut enyur-enyuran kuring gura-giru ka dapur da tadi kareungeu di dapur sora aya nu brong-brang brang-breng-brong. Ari brèh tèh di dapur, paparabotan saperti èmbèr, rantang, tèrmos, piring, cangkir ngabarak paburantak. Runtah ambarayah bru di juru bro di panto. Rèmèh uprat-aprèt awur-awuran. Kurupuk, gorèngan teri jeung sangu keur engkè kuring dahar mani ambrin teu dikarikeun. :t
Jigana si Kembar ngubrak-ngabrik dapur nèangan dahareun. Geus sareubeuh dahar bingbrit arindit. Pantesna tèh rurusuhan purat-pèrot tipaparètot sarieuneun ku kuring dikèpret. Kèprèt kuring tèa matak ngajèrèwèt bari prat-prèt-prot brat-brèt-brot.
Ari Gitar Kuring Mana??
Ari rèt karèrèt, ya Robbiii, gitar kuring bujrad-bajrèd senarna paregat purekna paburisat..
Nènjo gitar kameumeut ruksak pasiksak taya pupurieunana kuring bati rènghap ranjug. Jajantung ngaguruh sada-sada curug tujuh. Tètènjoan asa ranyay tingburicak tingburinyay. Awak rampohpoy asa muter asa muntir. Rumpuyuk kuring ngarumpuyuk. Mèmèh ngudupruk tarang kuring tidagor kana juru mèja marmer. Puguh baè buncunur hamo tèrèh cageur diubaran ku bèas cikur.

Nepi ka ieu carita dibaraca kuring can bener-bener sadar da ti barang kuring ngudupruk ngarumpuyuk di dapur tèh kuring terus dirawat di rumah sakit di rohangan gawat darurat.
Ceuk dokter anu mariksa cenah kuring kaserang stress berat, stroke, darah tinggi, asam urat jeung nurutkeun pamariksaan dina komputer siga-siga aya Gejara Gira.
Gejara Gira??

Hampura kanu maraca, rètah kuring rèro bawa ti kudrat siga retah urang jepang. Nyebut koresteror teu bisa sipaksakeun keukeuh koresteror. Rètah kuring sabarikna ti rètah anu cadèr.
Marukan teu rieur??
Ceuk dokter dina diri aya Gejara Gira arias Gèro kagègèroan ku gitar. Duh, gitar pireureuyan. Gara-gara diparebutkeun ku si kembar Rahman jeung Rahim gitar kuring ruksak amburadur moar kapuruk.
Beuteung kuring karasa kukurubukan geus rapar hayang dahar. Hayang dahar jeung sangu timber, gorèng mujaèr, gorèng rauk emas jeung semur jèngkor. Rarabna buah reunca, engkor ngora, kurub pentir waruh jeung saradah bokor dicoèrkeun kana samber tarasi anu rada. Daharna bari burigir, kèsang ngoprot ruat-rèèt, ungsrak-ingsreuk teu karasa rèho ngucur.
Mun rèk besuk ngarongok kuring di rumah sakit urah poho mawa reupeut jeung gorèngan.
Mun nyampak kuring keur seuseurian atawa ceuceureuweungan sorangan urah kagèt urah hèran rantaran Gejara Gira arias Gèro geus mimiti karasa nyararia.
Teu percaya? Rarawora, ditampiring gera..
. :O :D :O :D


Dicandak tina Majalah Manglè No.1816
Carpon Lucu: Dedy Windyagiri
Carita sanèsna aya di WWW.KOCeAcK.BLOGSPOT.COM
Facebook @Riungan nu Burung (v2)



Hatur nuhun parantos maca Gejara Gira Arias Gèro (lain bacaeun nu cadèl) mangga bilih bade maca nu sanes na..
Mangga Gabung di Group Facebook na
Riungan nu Burung
M-Blog mBlogan

Pangacaprukan

#naek? I orange fress script kang bagas96 copyright 2011
Mobile Template 4 blogger.com