Bismillah...

Sakempelan Carita Bodor Sunda Riungan nu Burung, Informasi tur Budaya Sunda.... Nyanggakeun Sa aya-aya...!!! :D
Ulah Hilap Gabung di Facebook Riungan nu Burung
by: Elang.

'' ki Ihan jeung si Saduy ''

1 Oktober 2010
Jang Saduy nu kakara saminggu kawin, keur ngobrol bari leumpang jeung ki Ihan masalah Rumah tangga,

Saduy:''ki, kumaha cara na hayang kawas aki, anak teh cukup we dua...da kuring mah teu boga keur ngabiayaan na mun loba mah, pan sidik gawe ge teu boga, ''

Ki Ihan:''nya nggeus di KB atuh,naon susah na...dewek oge kitu pan nepi ka ayeuna...''

Saduy:''hah...boro-boro keur mayar KB,Pan keur dahar sapopoe oge aya manggih aya henteu.''

Ki Ihan:''apanan aya atuh anu gratis program KB oge, make na sistem kalender.''

Saduy:''pan eta mah make pel ki? Jeung deui atuh kuring kudu ngitung unggal poe, salah sapoe pan bisa barabe.''

Ki Ihan:''nya henteu atuh, lain kudu make pel atawa di itung ari KB sistem kalender mah..yeuh...mun rek sare, cokot kalender pan sok aya gambar artis..tah tempelkeun kanu beungeut pamajikan ilaing, biasa na langsung tah reuneuh..''

Saduy:''har...ari ngarah teu reuneuh na kumaha??''

Ki Ihan:''atuh tinggal asupkeun we kalender na kana bobogaan pamajikan ilaing, ngarah nu ilaing teu bisa asup,mun perlu mah make senteg beurit bebeskeun..!!''

Saduy:''@???##*#?!!??###+++-*0##''

rnb

Ditengah jalan ki Ihan manggih bungkusan, dina kantong hideung ngagoler di sisi jalan. Nya dibuka ku ki Ihan jeung Saduy.. Sanggeus dibuka,kacida reuwas na Saduy nempo eusi kantong nu di jero na Bom Granat opat siki.

Saduy:''ki...hayu.... geus antep...bahaya!!! Gening eusi na Bom..!!''

Ki Ihan:''ulah hariwang, hayu urang bawa ka Pulisi. Urang laporan yen urang manggih Granat opat siki''

Saduy:''har...ari ki Ihan...kumaha mun keur dibawa,salah sahiji granat teh ngabeledug....?? Naha aki teu Sieun???''

Ki Ihan:''naha ari silaing meni bodo... Da euweuh nu nyahoeun... mun ngabeledug hiji mah bebeja na ka Pulisi urang manggih Granat na Tilu siki..kitu weeehhh...''

Saduy:''@???##*#?!!??###+++-*0##''

Hatur nuhun parantos maca '' ki Ihan jeung si Saduy '' mangga bilih bade maca nu sanes na..
Mangga Gabung di Group Facebook na
Riungan nu Burung
M-Blog mBlogan

0 komentar:

Pangacaprukan

#naek? I orange fress script kang bagas96 copyright 2011
Mobile Template 4 blogger.com