Bismillah...

Sakempelan Carita Bodor Sunda Riungan nu Burung, Informasi tur Budaya Sunda.... Nyanggakeun Sa aya-aya...!!! :D
Ulah Hilap Gabung di Facebook Riungan nu Burung
by: Elang.

Carita matak Nyeri Kulit Beuteung

5 Maret 2011
Keur anteng nyaro'o hape muka pesbuk, Aduy nyarita ka Dombreng nu katinggali keur camberut pedah peuting teu di bere tulak, da bongan anteng ulin di kandang domba nepi balik kapeutingan...

nu burung

''breng, sok cobaan buka carita grup nu Burung,,dijamin gera nyeri kulit beuteung,,, kamari ge si Odoy nepi ka gogorentelan bari nyekelan beuteung tos maca carita ieu mah'' ceuk aduy bari nempo keun carita bodor dina hape na.
''cik carita naon,'??'' ceuk dombreng bari angger baeud.

''Yeuh kieu carita na mah '' :
__________________________________________________
**kamari basa panggih jeung awewe geulis, si Mi'un ngadadak hayang kenalan, sugan we bisa keur di jadikeun kabogoh... Nya inget weh kana papagah ki Ihan :''mun hayang kenalan jeung awewe, mimiti na mah sok tanya,,boga dongkrak teu? da jarang awewe mawa dongkrak mah, mun ngajawabna teu boga.. Tanya deui... Ari nomer hape mah gaduh panginten?? Pasti ngajawab gaduh,,tah penta nomer hape na...ari geus mere nomer hape mah, bisa pan sms an atw nelepon...
Si Mi'un(M) mulai ngawani-wani nanya ka eta awewe geulis(AG),

M:'' teh, gaduh dongkrak ???''
AG:'' gaduh, bade nu panjang atanapi pondok??''
M:''pami konci pas gaduh teu??''
AG:'' aya, bade hijian atanapi nu sa set ??''

si Mi'un ngahuleng, neangan deui pertanyaan nu maneh na bakal ngajawab ''teu gaduh''.
M:''gaduh ban serep teu??''
AG:'' aya... Kanggo mobil naon pa? Merk na nganggo naon..sadayana kumplit..''

si Mi'un mulai kesel,pikirna geus we rek langsung nanyakeun nomer hape weh..da gening sagala gableg wae...!
M:''dupi ari nomer hape gaduh??''
AG:''kantenan atuh, mangga ieu kartu nama abdi, aya nomer hape na.. Bilih bapa peryogi onderdil atanapi alat2 bengkel, kaleresan abdi sales di toko Sparepart kandaraan..tah ayeuna bapa bade peryogi naon??''

si Mi'un gancang ngaleos da puguh sieun titah meuli konci, bari na oge tong boro mobil, sapedah butut oge teu gableg..***
__________________________________________________
''tah... Rame teu breng??'' ceuk Aduy.
''mana pikaseurieun nu nepi ka nyeri kulit beuteung na??'' tembal Dombreng bari kerung jeung angger baeud.
''aeh, poho kamari si Odoy sanggeus maca ieu ku dewek di jembel beuteung na'' ceuk Aduy bari ngajembel kulit beuteung Dombreng satarikna...

''aaaawwwww....!!!'' dombreng gogorentelan di jembel beuteung na ku Aduy..

''tuh pan nyeri kulit beuteung nya??'' ceuk Aduy bari tuluy ngaleos...

Hatur nuhun parantos maca Carita matak Nyeri Kulit Beuteung mangga bilih bade maca nu sanes na..
Mangga Gabung di Group Facebook na
Riungan nu Burung
M-Blog mBlogan

0 komentar:

Pangacaprukan

#naek? I orange fress script kang bagas96 copyright 2011
Mobile Template 4 blogger.com