Bismillah...

Sakempelan Carita Bodor Sunda Riungan nu Burung, Informasi tur Budaya Sunda.... Nyanggakeun Sa aya-aya...!!! :D
Ulah Hilap Gabung di Facebook Riungan nu Burung
by: Elang.

-SUSIS-

29 September 2010
Kacaritakeun dina hiji mangsa di karajaan lembur nyingkur, raja teh geus salempang ku kaayaan prajurit jeung rakyatna anu sieun
ku pamajikanana alias SUSIS tea
.
ngariung
dina poe salasa minggu katiga Raja ngayakeun sayembara, Sing saha jalma anu khususna
lalaki anu geus rumah tangga
sing saha wae anu teu sieun ku pamajikana
bakal di bere hadiah sapi warna hideung
anu miluan tapi teu jadi jawara tetep meunang hadiah tapi hadiahna hayam kampUng kacaritakeun tina rebuan anu milu sayembara ngan aya hiji anu meunang hadiah saPi nyaeta urang caruy ngarana kang Jana ngan iwal manehna anu bener2 teu sieun ku pamajikanana
.
Sanggeus meunang hadiah ti Raja
kang Jana balik ka imahna bari nungtun sapi meunang hadiah tea
.
Jana :'' assalamualaikum nyi ieu akang meunang sapi hadiah ti raja
''
P,Jana : ''waalaikum salam kang aduh hebat c akang nya.''
Jana :'' beuh akang tea atuh ieu bati akang teu sieun ku pamajiKan teh aya hasilna oge lin
..?''
P, Jana :'' enya ngan hanjakal sapina warnana hideung, abdi mah teu resep kang... coba lamun warnana bodas leuwih hade kang..!!''
Jana : ''emang enya nya teu umum sapi hideung mah
''
P Jana : ''enya kang coba tukeurkeun atuh ka Raja menta nu bodas kitu...''
Jana :'' enya ke atuh urang tukerkeun..''

isuk-Isukna Kang jana balik deui ka istana niat rek ngahilikeun sapi hadiah tea
Jana :'' sampurasun Raja
''
Raja :'' aya naon maneh jana geuning balik deui
''
Jana :'' raja punteun ieu abdi bade nukeurkeun sapi, sabab pamajikan abdi teu resep kana sapi warna hideung mah mun tiasa mah bade di tukeurkeun kana sapi warna bodas
''
Raja :'' saha eta anu nitah nukeurkeun sapi
teh???''
Jana :'' pamajikan abdi nun
''
Raja :'' beuh ari kitu mah maneh teh SUSIS oge ningan...!! wayaHna sapi urang tukeurkeun kana hayam''
Jana :'' aduuuh enya nya " bari nepak tarang.
atuh Jana teh teu jadi mawa sapi teh kalah balikna mawa
hayam...beuh karunya teuing nya...hehehehe

Hatur nuhun parantos maca -SUSIS- mangga bilih bade maca nu sanes na..
Mangga Gabung di Group Facebook na
Riungan nu Burung
M-Blog mBlogan

0 komentar:

Pangacaprukan

#naek? I orange fress script kang bagas96 copyright 2011
Mobile Template 4 blogger.com