Bismillah...

Sakempelan Carita Bodor Sunda Riungan nu Burung, Informasi tur Budaya Sunda.... Nyanggakeun Sa aya-aya...!!! :D
Ulah Hilap Gabung di Facebook Riungan nu Burung
by: Elang.

''JAKARTA TEULEUM 2030'' //cenah eta oge...

28 September 2010
JAKARTA, ayeuna nu keur jadi wacana pang Aheng na, da cenah bakal beak ngalelep teuleum engke dina taun 2030...

anre
Teuing naon alesan na, da ari ngadenge obrolan ki Ihan mah basa di tanya ku jang Saduy, cenah ayeuna di Kota Jakarta teh geus loba teuing Kandaraan, bangunan gedong - gedong bertingkat, taneuh na loba nu geus di aspal, tatangkalan geus jaradi batu. Nu ngakibatkeun Taneuh di Kota Jakarta geus teu kuateun nahan lantaran beurat, jeung deui jalma teu aya nu mikiran Atawa hayang ngeduk Laut sangkan lewih jero.

Ma'lum cicing di kampung nu can aya listrik - listrik acan... ngadenge berita oge ngan ceuk beja ti si Mi'un nu kabeneran boga baraya nu di gawe di kota. Saprak ngadenge berita kitu, ki Ihan jeung si Saduy beberengkes, niat nyusul baraya si Mi'un, nu ngaranna Murdasim.

Poe harita keneh ki Ihan jeung si Saduy indit ka imah si Mi'un, rek menta alamat Murdasim di Jakarta.

''REK KAMARANA KI, MENI SAGALA DI BAWA SIGA KORBAN BANJIR WAE IEU TEH??'' tanya si Mi'un.

''GEUS JANG MI'UN GE SAKALIAN MILU.. URANG NGUNGSI KA JAKARTA, SAKALIAN MILU DIGAWE KA MURDASIM..'' tembal Ki Ihan siga nu rurusuhan.

''KE...KE...KE... TEU SALAH IEU TEH?? NGUNGSI KA JAKARTA,?? NAHA CAN NGADENGE YEN JAKARTA TEH BAKAL BEAK NGALELEP TAUN 2030 ???'' Mi'un nembalan bari nyeungseurikeun.

''NYETA...JANG MI'UN....MEUNGPEUNG URANG BOGA KENEH WAKTU 20 TAUN DEUI, KEUR NYIEUN PARAHU NEPI KA TAUN 2030...DARI PADA URANG CICING DI DIEU NGAN NEPI KA TAUN 2012,??'' ceuk Ki Ihan bari pepeta siga nu enya.

''NYA, TAUN 2012 REK AYA NAON DI DIEU KI ???'' Mi'un kerung.

''HAR...ARI JANG MI'UN... YEUH,,,APAN CEUK ILAING TAUN 2012 TEH BAKAL AYA KIAMAT, BERARTI JAKARTA MAH ACAN, PAN 2030 GE KAKAREK TEULEUM KU CAI....!!!''

Mi'un : ''##*+<ô_ô>????!!!#&&'?##''

Hatur nuhun parantos maca ''JAKARTA TEULEUM 2030'' //cenah eta oge... mangga bilih bade maca nu sanes na..
Mangga Gabung di Group Facebook na
Riungan nu Burung
M-Blog mBlogan

2 komentar:

Balas wong pangandaran

berati lamun jakarta anu teuleum...bogor mah moal...huhuy..asyik eung..

Balas Elang84

@wong pangandaran cenah apanan eta oge.. :) kade bogor bilih ka gusur.. :)

Pangacaprukan

#naek? I orange fress script kang bagas96 copyright 2011
Mobile Template 4 blogger.com