Bismillah...

Sakempelan Carita Bodor Sunda Riungan nu Burung, Informasi tur Budaya Sunda.... Nyanggakeun Sa aya-aya...!!! :D
Ulah Hilap Gabung di Facebook Riungan nu Burung
by: Elang.

Suka Duka ... Sataun Jadi nu Burung, ngariung jeung nu Burung

25 Februari 2011
Hmmmm.... :D
Teu karasa, rèk nincak kana sataun kuring jadi Jalma ''burung'' ... Jeung Teu kabayang wè di keur mimiti gubrag ka alam dunya, rèk jadi Jalma burung... Di baheula ogè jaman keur sakola SD ari ditanya ku guru tèh da Cita-cita mah lain rèk jadi Jalma Burung... Malahan kuring harita jaman keur Sakola SD, waktu kuring Nongtot Lèho kènèh ( ayeuna ge masih kètang nongtot lèho mah :D ) cita-cita kuring tèh hayang jadi Pajabat nu ngurus rahayat... Naha teuing palebah mana salah kuring, bet jadi jalma nu Burung?? Tapi ari dipikir deui mah nya sabelas dua belas wè.. Malahan nepi ka genep belas na. Sarua keneh Jalma Burung, ngan beda na kuring ngariung jeungnu Burung ieu mah najan burung kasebut na, tapi teu ngarugikeun batur komo nepi ka ngarugikeun nagara mah.... Ngan nu Pasti Sataun ngariung di Riungan nu Burung kuring Loba pisan meunang Kanikmatanna...

Nya, memang aya Suka jeung Duka na ogè... Suka na... Kuring jadi loba dulur, baraya, lain ngan ukur sabates di alam Maya... Tapi nepi ka alam Nyata.. Ti mimiti panggih jeung Kang Tatan Apoey nu jadi Kuwu di Karajaan Nu Burung jeung SekBod naKang Dimaz nu teu kapikir ku kuring bet bisa wawuh... Padahal manèhna ogè euweuh cita-cita jadi nu Burung, da cita-cita na mah hayang jadi Pulisi cenah... :D , aya deui Dulur tèh urang Darmaraja, Kang Sandoel da asa teu kabayang kuring bisa panggih jeung jalma nu boga cita-cita ti leuleutik hayang jadi Superman... (hayang makè calana jero diluar).. Dasar burung na geus permanèn, ka Jakarta ngadon hayang ngarubah Jakarta jadi kota anu tiis, sejuk.. Hayoh wèh ngageberan urang Jakarta saban poè na tèh... :D
duh... :f tambah bagja gening dulur kuring narambahan, rarasaan mah moal bisa cageur wè.. Katambah wawuh jeung nu ngaranna Kang Anrè si tukang Rantang, teu burung kumaha... Di percaya jadi kuncèn Merapi, hayoh wèh èta gunung di Design saperti toko kaèn, make di dangdanan siga nu rèk anyang-anyangan...puguh wèh dipecat deui.. :D
wah, lamun di caritakeun hiji-hiji mah, ieu Blog bakal pinuh ku ngomongkeun Kaburungan dulur -dulur nu burung wè... :D loba kènèh geningan nu mikaresep budaya sunda dina seni Bobodoran, atawa teuing geus jadi kabutuhan nya? Da Jaman kieari mah kudu loba heureuy, lamun teu kitu urang loba nu ''Ngaheureuyan''... Leres teu Kasepuhan Abah Oi, Kasepuhan Buyut Mungkal Bodas?? Èta kuring gè saur Kang Bangor manèhna meunang bèja ti Minantu bi Entat nu tatangga na Kang Tony Silihin tukang Ulèn tèa.. Pan bèak di anjukan ku Kang Sakos ulèn na tèh...
Tah aya ogè Duka na jadi nu Burung tèh... Nepi ka Ayeuna kuring teu apal... Duka Naon atuh ari lain gedè bayareun Pulsa mah..??? Leres teu kang Teddy Bonar?? Pan Kèjo gè moal ujug aya ku loba komèntar nya?? :D :D
ah, geus moal aya tungtung na ari kudu di tulis tuluy mah, jempol kuring geus petot... :(
Nupenting mah Tanggal 6 Maret 2011 urang Ngariung dina acara Kopdar RnB, sakalian pa-ngèmut-ngèmut sataun grup RnB ngadeg.. Nu Insya Alloh badè di ayakeun di JATINANGOR, kanggo info Salengkepna mangga hubungi Admin Riungan nu Burung
Wah.. Teu kabayang lamun nu burung Ngariung kabèh... :D :D
DI ANTOS LUR...!!! :)

Hatur nuhun parantos maca Suka Duka ... Sataun Jadi nu Burung, ngariung jeung nu Burung mangga bilih bade maca nu sanes na..
Mangga Gabung di Group Facebook na
Riungan nu Burung
M-Blog mBlogan

0 komentar:

Pangacaprukan

#naek? I orange fress script kang bagas96 copyright 2011
Mobile Template 4 blogger.com