Bismillah...

Sakempelan Carita Bodor Sunda Riungan nu Burung, Informasi tur Budaya Sunda.... Nyanggakeun Sa aya-aya...!!! :D
Ulah Hilap Gabung di Facebook Riungan nu Burung
by: Elang.

Cikal Bakal Ngadeg na RnB... Riungan nu Burung

13 Februari 2011
RnB


Sakilas Cikal Bakal (sajarah) ngadeg na Group Riungan nu Burung

Sakilas cikal bakal ngadeg na Grup 'RnB'..Riungan nu Burung.kirang langkung kieu...!!!!

Saparantos duk-dek, di status, lumpat ka Grup itu, grup ieu, di lebet Facebook. Dina dinten Ahad Wage, kaping 31 Januri 2010, Kang Tatan Apoey, Kang Dimaz PK, Elang Putra , disarengan ku kang Samsudin (sam's) ,teu hilap Nyi 'ratu' Teh Ndah ( bojo kang tatan) oge ngiring nyarengan,

Ngariung di Saung Cigendel, nu tempatna di Sindang Wana Cigendel nu aya di jajalaneun Bandung-Sumedang, KopDar carita na mah, sagala dihuapkeun bari ngawangkong Ngaler ngidul teu kulon teu wetan-wetan acan, teu catur komo
carita, lengoh mulang sewang-sewangan.

Taya ka kapok, sono nu aya, bring deui rada euyeub ngajugjug hiji lembur, tutugan kota Sumedang, lembur Darmaraja lebahna, Nyeta ka padumukanna Kang Andri
Sandoel.
, Katambihan ku Kang Hendry Baksilles, Sareng Denny Scooter ... Adu renyom, nyiar carita guntreng taya hasil.

Guligah asa hariwang lamun urang jogol di buruan batur. Sawatara kitu, aya gerentes dina manahna sewang-sewangan, kumaha lamun urang nyieun Imah sorangan (group).
Ngacung paluhur-luhur ''satuju''..... sapuk .... ngiringan wae kumaha saena... sa hate satujuan.
Usul ngusulkeun, naon pingaraneun eta imah, sungsong ngiwir-ngiwir catetan,, sabot keur mikir,, Aya japati mawa surat,, kieu eusina teh:
''Mugia bahan katampi ngiring
ngemutan, kumaha upami eta ngaran Imah teh '' Riungan nu Burung '', mangga nyanggakeun bahan emutan dulur sakalih.....''
Tawis Asih ti Kang Rhizal 'Gedzul'.

Niti Wanci Nu Mustari.... Ninggang mangsa Nu Utami, Cindekna Salasa Wage kaping 2 Maret 2010 " RnB " ( Riungan nu Burung ). Sapuk dijadikeun Wadah Silaturahmi pikeun dulur-dulur nu resep Banyol, Ocon, jeung sajabana



Hatur nuhun parantos maca Cikal Bakal Ngadeg na RnB... Riungan nu Burung mangga bilih bade maca nu sanes na..
Mangga Gabung di Group Facebook na
Riungan nu Burung
M-Blog mBlogan

0 komentar:

Pangacaprukan

#naek? I orange fress script kang bagas96 copyright 2011
Mobile Template 4 blogger.com