Bismillah...

Sakempelan Carita Bodor Sunda Riungan nu Burung, Informasi tur Budaya Sunda.... Nyanggakeun Sa aya-aya...!!! :D
Ulah Hilap Gabung di Facebook Riungan nu Burung
by: Elang.

Ma...ari ieu Jèngkol atawa lain??

9 Maret 2011
Waktu Nini Matnasih keur anekak diuk dina Jojodog bari milihan jeung meulahan Jèngkol nu rèk di gorèng keur deungeun sangu ki Ihan...
:k Nyampak nu jadi incuna nyèta si Saduy...keur gogolèran di hareupeun Nini Matnasih nu ukur di sinjang belèl nu geus lada... (kumaha ari sarung nu geus lada kitu???) :f
rnb
Pok si Saduy nanya kanu jadi Nini na nu keur anteng meulahan jengkol.. :k

Saduy : '' ma,, ari ieu Jèngkol...???''

Nini : '' heueuh Jèngkol èta mah...'' bari angger anteng meulahan jèngkol..

Saduy :'' ma.. Gening Bau jengkol mah nya??'' tuluy gogolèran hareupeun nini na.

Nini :'' heuh ari maneh.. Nya bau atuh ari ngaran jengkol..''

Saduy :'' gening Jèngkol teh beulah ma??''

Nini :'' ah, meni loba tatanya.. Dimana mana ge jengkol mah beulah...''

Saduy:'' ma,, ari èta anu nolol siga hileud.. Naon na ma..??''

Nini:'' èta mah lain hileud atuh cu... Èta mah pijadieun jèngkol lamun dipelakeun..''

Saduy:''ooooh,,,, ma..ma..ma.. Naha gening Buluan ma...''

Nini:'' Siah.... Gening Sia mah No'ong aing di tatadi tèh Saduuuy...!!!!'' bari geuwat nangtung. Maledog si Saduy ku jojodog...

rnb

Hèhèheè..... :D :D :D


Hatur nuhun parantos maca Ma...ari ieu Jèngkol atawa lain?? mangga bilih bade maca nu sanes na..
Mangga Gabung di Group Facebook na
Riungan nu Burung
M-Blog mBlogan

3 komentar:

Balas wong pangandaran

hehe...etamah jengkol + rambutan kang Saduy......

Balas Elang84

@wong pangandaran kabina-bina we si saduy mah... Nini ge meni di toong.. :p

Balas Unknown

aya ku hade hade wae nya eta si saduy,,puguhan kijing der di sebut jengkol gkgk

Pangacaprukan

#naek? I orange fress script kang bagas96 copyright 2011
Mobile Template 4 blogger.com